Rangkulan SaliraSigit Gumilar
Cipt Wantika
Rangkulan salira....
masih karaos
Pageuhna hese lesotna
Sugan teh tangkeup na anjeun
Nu pinuh rasa kakangeun
Horeng aya asih sapeungkeureun
Boro tos bagja.....
Ieu diri mikacinta sageumbleungna
Sakur nu dipikahoyong
Rarasaan ditedunan,Anjeun
Mengkolkeun asih ka deungeun
Ihklas memang ihklas
Ridho teu ngajodo
Naha ieu hate
Emut wae kasalira
Diri memang nyeri
Beurat pikeun nampi
Panginteun kedahna
Gurat na urang papisah
Boro tos bagja........
Ieu diri mikacinta sageumbleungna
Sakur nu dipikahoyong
Rarasaan ditedunan,Anjeun
Mengkolkeun asih ka deungeun
Ihklas memang ihklas
Ridho teu ngajodo
Naha ieu hate
Emut wae kasalira
Diri memang nyeri
Beurat pikeun nampi
Panginteun kedahna
Guratna urang papisah
====================
0 Response to "Lirik Lagu Rangkulan Salira - Sule"
Posting Komentar