Tuh saha nu nganggo acuk beureum
Sigana mojang pindahan anyar
Hayu urang heureuyan
Mun bisa jeung kenalan
Katinggal mencrang pisan
Bisi kaburu kubatur
Rambutna meni sakitu panjangna
Duh bagja lamun jadi kabogohna
Hayu urang deukeutan
Sugan bae anjeuna can boga papacangan
Bisi kaburu rek mulang
Aisyah geningan namina
Karek sapoe didieuna
Aisyah keur nganjang ayeuna
Aslina urang bojongloang
Soca jiga urang india
Geningan eta urang sunda
Aisyah
Aisyah urang bojongloang
Kuring geus kenal jeung manehna
Aisyah nu jiga india
Geningan can aya nuboga
Kuring jadi panasaran
Teu sangka nu jadi rebutan
aisyaahh aisyahh aisyahh aisyaahh
**************************************************************
0 Response to "Lirik Lagu Aisyah - Abiel Jatnika"
Posting Komentar